Jempol Leungeun Katuhu ,ekalaya

" Gera gancang ,teukteuk sing nepi ka sapat !,jempol leungeun katuhu maneh !, lamun keukeuh hayang di aku,jadi murid ku kaula ! , Lamun maneh , bener-bener pantes jadi murid kaula , moal aya getih nu ngucur , sanajan ukur sa keclak !"
Bambang Ekalaya ngan bati ngaheruk , ngadenge gorowokna Dorna , nu keur di lendean ku murid kakasihna ;Arjuna panengah pandawa.
Saterusna, Ekalaya neuteup seukeut bengeut Pandita Dorna nu di pikareueusna.
" Cresss !!! " , ngan sakilat jempol leungeun katuhuna di teukteuk ku sorangan .Kabeh nu nempokeun hookeun , ajaib ! , taya sa keclak ge getih nu ngucur .
Ngan ... dadak sakala , langit jadi angkeub , gerr ,hujan gede pisan , Hujan getih ,nu beureum ,ngeueum sakabeh alam , nyeungceurikan leungitna sifat kamanusiaan nu aya dina hate papada jalma !.